KAWIH MANUK DADALI
1. 
Rumpaka Kawih Manuk Dadali 
Manuk
Dadali
Mesat ngapung luhur jauh di awang-awang 
Meberkeun jangjangna bangun taya
karingrang 
Kukuna rangaos reujeung pamatukna ngeluk
Ngapak mega bari hibeurna tarik nyuruwuk
Saha anu bisa nyusul
kana tandangna 
Gandang jeung
pertentang taya bandingannana 
Dipikagimir dipikaserab
ku sasama 
Taya karempan ka sieun
leber wawanenna
Manuk dadali manuk panggagahna 
Perlambang sakti Indonesia Jaya 
Manuk dadali pangkokoncarana 
Resep nghiji rukun sakabehna 
Hirup sauyunan tara
pahiri-hiri 
Silih pikanyaah teu inggis
bela pati                 
Manuk dadali ngandung
siloka sinatria 
Keur sakumna bangsa di
Nagara Indonesia.
2. 
a.  Judul kawih                                       :
Manuk Dadali 
  b. Juru Kawih         
                                : Sambas
Mangundikarta
c.
Juru Sanggi/juru Rumpaka                 :
Sambas Mangundikarta 
d.
Tema Kawih                                        : Sumange`t persatuan Indonesia
e. Eusi rumpaka kawih nyaritakeun       : Gagahna manuk garuda nu jadi lambang
nagara Indonesia. 
f. Amanat nu hayang ditepikeun ku pangarang
ngaliwatan ėta kawih nya ėta:  
 ngajak urang
balik jadi kawas manuk garuda anu aya dina dasar nagara Indonesia nyaeta
Pancasila. Dina dada manuk garuda mawa simbol-simbol tina lima sila anu aya
dina Pancasila jeung nyekel pageuh “Bhinneka Tunggal Ika”, bisa dihartikeun
urang jadi bangsa Indonesia kudu bisa jadi jalma anu Pancasila, anu mampu ngaronjatkeun dina nurani urang jeung nerapkeun dina kahirupan nilai-nilai luhur bangsa nyaeta sila
kahiji dugika sila kalima. 

0 komentar:
Posting Komentar